CARITA TI BOGOR


Balong Sri Bagénda Sésa Pajajaran

DI Kacamatan Tamansari, Kabupat­én Bogor, aya balong di tengah pilemburan, katelahna Balong Sri Bagénda. Balong téh, sumber caina tina cai nyusu anu katelahna Sumur Jalatunda. Tug ka kiwari, éta tempat anu dua ku masarakat sabudeureunana dipulasara, sabab baheulana dianggap patilasan Pajajaran. Keur mah ku pamaréntah gé geus dianggap cagar budaya situs Surawésa.

ISUK-isuk kénéh, Wardi (70) geus ngadaweung di sisi Balong Sri Bagénda. Balong téh teu lega-lega teuing. Rubakna lima méter, panjangna dalapan méter. Laukna tinggudibeg jeung rupa-rupa. Aya lauk emas ukuran dua kiloan, aya lauk mujaér jeung guramé, sarua geus baradag.

“Ieu téh balong kagungan?” ceuk Uga.
“Ih, sanés. Malah disebat taya nu gaduh sacara pribadi, atawa kagungan balaréa. Pan ieu lauk gé pelak saréréa,” témbal Wardi seuri.

Ceuk manéhna, Balong Sri Bagénda mah bisa disebutkeun balong karamat, balong kuna, sabab geus aya ti jaman Pajajaran kénéh. Ku pamaréntah gé ditangtayungan sabab di éta tempat dianggap situs. Kawas anu ditulis dina plang, disebutna ogé Situs Surawisésa. Naha maké disebut Situs Surawisésam urang Tamansari mah taya nu nyaho sacara peresis.
“Ngan bisa jadi, baheulana, ka ieu tempat, para raja Pajajaran, kalebet Prabu Surawisésa, sok ngahajakeun dongkap ka dieu,” ceuk Wardi.

Mun ayeuna ieu tempat katelahna Tamansari, bisa jadi baheula dina jaman Pajajaran, ieu tempat téh mangrupa tempat paniisan. Balong Sri Bagénda téh aya di lingkungan tamansari.
Ceuk Wardi deui, bisa jadi para raja Pajajaran remen datang ka dieu saupama ngayakeun upacara mandi suci.

“Da saur para sepuh kapungkur, cai nyusu anu disebatna Sumur Jalatunda téh sok dianggo meuseuh diri para sinatria Pajajaran, kalebet para putra mahkota. Saupama tos ngajalankeun upacara ngalokat, upacara pamungkas téh nyaéta ngayakeun mandi suci di Sumur Jalatunda,” ceuk Wardi deui.
Para sinatria kaasup para putra mahkota, sangkan jadi jalma anu boga kakuatan jiwa jeung raga, maranéhna kudu nebak hiji pasaratan anu katelahna upacara ngalokat. Putra raja dititah ngumbara ka gunung, ka leuweung, ka guha, ka sisi sagara bari teu dibekelan nanaon. Di jero leuweung kudu bisa hirup, di sisi sagara ogé nya kitu. Mun aya marabahaya anu ganggu, saperti gangguan sato galak, atawa malah siluman-sileman, kudu bisa nyanghareupan. Teu kurang-kurang anu gagal ngalaksanakeun. Teu kurang-kurang para sinatria anu teu bisa mulang deui, nyao cilaka di mana, nyao dihakan ku sato naon. Tah, lamun bisa balik, maranéhna kudu nyucikeun awak di Sumur Jalatunda.
Ari Prabu Surawisésa téh, raja kadua Pajajaran sanggeusna Sri Badauga. Inyana hiji raja percéka, lalaki langit lalanang jagat, boga kasaktian manggulang-mangguling. Prabu Surawisésa remen ka dieu niat nyucikeun awak.
“Meureun kitu sababna ayeuna katelah Situs Surawisésa gé,” ceuk Wardi.
Ka dieunakeun, ka Sumur Jalatunda sok loba anu marandi, niatna sarua hayang nyucikeun diri. Budak anu hayang pinter jeung bageur, ku kolotna sok ngahaja dititah mandi di Sumur Jalatunda.
“Malah anu stress, anu gangguan jiwa, sok dianteurkeun ka dieu, dimandian di Sumur Jalatunda,” ceuk Wardi mesem. *** Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh